CONTOH KATA KATA SUNGKEMAN DALAM BAHASA SUNDA
CONTOH KATA KATA SUNGKEMAN DALAM BAHASA SUNDA
Ibu kangung x ibu kandung
Duh
mamah, anu ku abdi dipunjung satutup umur, kanggo abdi mamah, sugan pibasaeun
anu payus dipitunjung ka mamah, ti kawit abdiii, di alam rahim, dugika
lumincing ti alam lahir. Abdi mamah, anu saestuna mungguhing kana pangersa
mamah, siang wengi abdi dijaga, abdi diaping, Abdi didama-dama. dinten ieu
mamah abdi kasaksian kusadaya nu nyakseni yen abdi kengeng jodo, jodo ieu
anugrah ti ilahi robi, berkat du’a na ti mamah.
Maah
cipanon Abdi mangrupikn cipanon rumaosan karisi diri abdi, hate pisan ngedalkeunn
syukur ka hadirat ilahi robi, Hapunten Abdi mamah. Manawi salami ieu abdi
kagungan kalepatan. Dina danget ayena, mung du’a, bekel du’a kanggo kapayuna abdi
ngalakonan kahirupan. Mugia Abdi dipaparin kabagjaan dunya akhirat.
Mah,
mamah sing sehat, sing pangjang yuswa, doa Abdi kangge mamah.
Mangga
aa, dipeluk mamah na…. Mangga teteh
dipeluk mamahna
Bralll
anaking, miang laki rabi, jajap ku du’a, sing waluya awet jodo, sing sugih ku
asih ilahi robi, Sing beunghar kasep ku harta, sing jenggut ku elmu, sing alus mulus
turunan, sing sabilulungan jeung dulur. Mamah mung bisa ngadu’akeun sangkan
hirup aa sareng teteh bagja, bagja ngalakonan kahirupan kayapunan. Ngan inget kasep,
geulis sing deket ka pangeran, kusabab anjena nu parantos dipenta pitulungna. Pidu’a
mamah sangkan hirup anjeun sakinah mawadah warahmah.
Mangga
dicium kening mamahna,, teteh aa, dicum bageur.
Salajengna
mangga dicium kening putra putri ku mamah. Alhamduliaah
Cipanon
anu kaluar cipanon karisi ati, kanyaah tinu janten sepuh, moal leungit kitu oge
samulihna.
Salajengna ayeuna pentang tinglai sungkem ka mamah
mertua, Kasep, bagerr Ieu ayeuna tos janten
mamah anjeun, sanaos mamah mertua, teu kengeng di saha-saha ieu kasep geulis,
ieu anu bakal ngagentos mamah teh. Mangga sungkem aa… teteh….
Mamah
ampun paralun, isin ka kedalkeun na, beurat mamah ku abdi diucapkeunana,
tangtos kauninga diri Abdi anu skieu buktos na, rupi Abdi mamah tebih nandingan
arjuna sareng srikandina, sumping abdi teu cacandakan, lambut kosong eusianeun,
kawawuh euweuh , lieuk euweuh ragap taya, nyanggakeun abdi sadaya-daya.
Mah,,
Nanging sok sanaos kitu abdi hoyong diangken janten putra ku mamah. Wireh kaiket
tikah ku tuang putra, sanaos teu aya nu disanggakeun.
Mahh
ieu abdi putra anu enggal, ngedap piwulang sareng piwurukna ti mamah, sangkan
abdi tiasa sasarengan sareng pun bojo, sareng pun lanceuk kalayan mawadah
warahmah.
Diarangkul
mamah mertua na kasep geulis mangga.
Anaking
hidep diangken pisan ku mamah moal di saha-saha, sarua wae anak mamah, mihape salaki
anjen, mihape pamajikan anjeun, kudu babarengan tina kataqwaan. Kasep, geulis,
anjen parantos kagungan tanggung waler anu ageung, mamah mung tiasa nitip, nitip
sing janten istri anu solehah, nitip sing janten suami anu tanggung jawab, imam
anu leres pikeun istrina. Salajengna mamah mung tiasa ngadu’akeun sangkan hirup
anjeun bagja waluya deukeut rejekina. Amin
Mangga
dicium kening mamah mertuana kasep geulis
Mangga
dicium putra putri na
Salajengna,
panginten mamah mangga dihaturanan dikorsi sewang sewang.
Ayeuna urang ngalih, sungkem ka bapa kandung
Teh…… aa……………… Ayeuna
urang ngalih sungkem ka Apa, sateuacan sungkem tingali raray Apa bageur kasep, Apa
nu skieu capena nyiar rejeki kange anjeun, taya capena, ayeuna manawi anjen
kagungan kalepatan ka Apa. Neda hapunten piduana ka Apa bageur.
Mangga
sungkem
Apa,
rumaos abdi mindeng musingkeun ka Apa, dina danget kiwari dugika ayeuna. Duh Apa,
sungkeman abdi anu ngayuga anu ngabayuan, hese cape bela tur nyaahna Abdi mh kantun
raosna.
Apa
Abdi sujud, Abdi sujud ka Apa, sujud neda ampun, neda hapuntena Apa, manawi Apa
rido seja mikaheman ka diri Abdi.
Apa,
dina danget ayena Abdi tos ngemban tanggung jawab anu ageung, namung sanaos
kitu abdi neda dihapunten manawi salami ieu abdi kagungan kalepatan ka Apa,
teras doakeun abdi Pa. sangkan abdi tiasa hidup sasarengan sareng pun bojo, sareng
pun lanceuk kalayan dina mawadah warahmah.
Dirangkul
bapa kandungna bageur.
Duh
anaking, ugel belahan jiwa Apa, Apa rido anaking, reg hulu pet nyawa, nyiar pakean
hidep ier parantos tanggung waler Apa, kanyaah Apa ka hidep memang langka ka
kedal ku lisan, karaba ku carita, nanging sanaos kitu, kanyaah Apa langkung
ageng ka anjen, sabab naon anu ku Apa diperjuangkn siang wengi kango anjen
sangkan anjen tiasa hidup layak sapertos nu sanesna.
Kasep
geulis, belahan jiwa Apa, teu nyangki dina danget ayena anjen tos kagudang taggung
jwb nu ageung, tnggung jawab janten imam, tanggung jawab janten makmum, ku Apa
didoakeunn sing bagja waluya bral gera cangked anaking, gera tandang
makalangan, sanghrepan nu bakal datang, Ku
Apa diadoakn sangkan hidup anjeun bagja dunya akherat. Amin Ya Alloh ya rabbal
alamin.
Mangga
cium kening bApa na kasep bageur, Mempeung sepuh urang aya knh,
Salajengna
Apa mangga dicium putra .. alhmduliah
Ayeuna urang ngalih sungkem ka Apa mertua
Mangga
bageur sungkem dipangkonan Apa mertua
Apa,
nyanggakan sadaya-daya, hapunten abdi anu parantos wantun ngarupakeun dipangkonan
Apa, maksadna mah Abdi hoyong diangken janten putra ku Apa. Wireh kaiket tikah
ku tuang putra, sok sanaos saleresna tya nu tiasa ku abdi disanggakeun ka Apa,
kajaba awak sakujur sareng reregedna. Nanging, sanaos kitu Abdi hyong diangken
jnten putra ku Apa.
Apa,
emutan Abdi manawi Abdi aya dina jalan nu lepat, dukung Abdi upami abdi aya dina
jalan sae, salajengna abdi neda piwulang sareng piwuruk ti Apa, sangkan Abdi
tiasa ngalakon hirup rumah tangga bagja waluya.
Dirangkul
Apa mertua na kasep bageur geulis
Anaking
insya alloh sakamampuan Apa, Apa rek ngbimbing kahidep
Lantaran
hidep nu rek nuluykeun lalakon kahareupna, sing deukeut kasep geulis ka
pangeran sabab maneh na nu parantos dipenta pitulungna, tinggalkeun laranganna,
lakokan parentahna, dina danget ayena Apa mung tiasa ngadoakn, mung hiji pesen
ti Apa. Nitip salaki anjen nitip
pamajikan anjen sing bisa babarengan dina ktaqwaan. Cak gera tandan gmakalangan
didoakn kunu jnten sepuh anjen sing bagja waluya. Amin ya robal alamin.
Mangga
dicium kening Apa mertua
Apa
mangga dicium putra putri na
Haturnuhun
ka pengersa bapa……. Sareng ibu…………
Kalih
bApa……….. sareng ibu…………….

Komentar
Posting Komentar