Assalamu alaikum wr wb
Hadorotul
mukaromin, para alim, pa ulama, para ustad miwah ustazah
Anu
dipihurmat klg besar jembar klrga calon pngnten pamget : ……………..
Anu
dipihurmat klg besar klrga calon pngnten istri : ………………….
Para
sepuh pini sepuh, bapa ibu para wargi sadayana anu sami rawuh sadayana anu
kusimkuring dipihormat insya alloh dimulyakeun alloh swt.
Simkuring,
wasta pun …… MC, alhamdlh kapeto janten panata calagara.
Ngawakilan
keluarga calon panganten istri, keluarga bapak : ………. kalih Ibu………
Langkung
tipayun, bapa kalih ibu keluarga ti calon pameget, hapunten bilih panampian ti
bapa ……. Ibu …. tebih tina titi suti nastiti, anggang tina tata subasita, te
tiasa kacalikeun sadayana kalayan tumaninah.
Hatur punten. Mugia bapa ibu saripit sakulawargi landung kandungan laer
aisan, tawakup anu di teda. Teu aya pamaksadan anu dipamrih, neda pangdedel
du’a tisadayana, mudah mudahan ieu calon panganten pameget baris ngadonge jatukrami
ka calon istri, sing aya dina kasinugrahan, langgeng lumanggeng abadi, janten
keluarga anu sakinah mawadah warohmah, barohallohulaka wa baroka alaika wajamaa
bainakuma fi khair. Amin.
Atuh simkuring, moal seer gunten catur anu kapihatur, sumangga urang buka wae, runtuian acara abdunnikah ku ngaoskan basmalah sasarengan. Bismillahh..
Bapa kalih ibu saderek sakulawargi anu sami hadir dina ieu patempatan, tos janten kailaharan di tatar sunda, sateuacan acara poko abdunnikah dikawitan, tangtosna sok diayakan heula seren tampi / seren sumeren. Komo sumpingna kang ……. Ka ie patempatan te ngan saukur keupat eundang ngagandeuang sorangan, tapi di wuwuh ku keluarga anu sakieu ngaleutna, ngeungkeuing ngabandeuleuk, nyebat nyebat nyantang pinang.
Sumangga, wawakil anu disepuhkeun ti keluarga calon panganten pameget,
Anu kalintang kusimkuring pihormat, Bapa ………… kanggo ngadugikeun jejer lisan pamaksadan. Sumangga dihaturanan.
Alhmlh ngahaturkn nuhun anu kalintang ku simkuring pihormatna almukarom bapa ……anu tos ngadugikeun biantara pamaksadan ngawakilan klrga besar calon pmgt.
Lain lantung tambuh laku, lain lunta tanpa seja, purwa anu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini, manjangkeun simpai babarayaan, sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna, seja masrahkeun ieu calon panganten anu sakie gagahna, Cep ………… namina kalih cacandakanana. Kumaha? Waleran ti keluarga calon panganten istri? Nu alhamdulilah, klrga calon istri parantos ngawakilkeun kasepuhan ti calon panganten istri kangge ngadugikeun biantara panampian. Ngalangkungan, anu kusimkuring pihormat Bapa ……. Kanggo ngadugikeun biantara panampian.
Alhmlah ngahaturkn nuhun ka pangersa bapa ……….. anu parantos ngadugikuen biantara panampian ngawakilan ti klgra besar klrga calon pngntin istri.
Naon rupi anu disanggemkeun ku pangersa, alhmdlh patos ditampi ku kasepuhan wawakil ti klrga calon pangnten istri.
Kukituna, nu kumaha kauninga kusadayana reh na dinten ayeuna, kang ……… baris ngadahuk ngajatuk rami ka neng ……….. dinten ...... kaping…..
Anu disangeumkeun ku pangersa tipanampik perwakilan panganten pameget saurna teh teu jingjing te bawa tapi katawis kusadayana sakitu angkaribungna ku babawaan.
Urang nincak kana acara salajengna, mangrupi panampian tinampan cacandakan, atanapi tawis soca kagegelan anu disanggakeun ku keluarga calon pangantn pameget baris dipasrahkeun ku ibu ti kang ……….. sareng ibu ………….. tiasa sakedapan kanggo ngadeg heula kapayun.
Komentar
Posting Komentar